Contoh KHUTBAH ‘IDUL FITHRI Dikaluarkeun ku : Seksi Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kota Banjar TAHUN 2022 M/1443 H. - qodirsmart

Illuminating Your Digital Future

Khoirunnas Anfauhum Linnas

LightBlog

Mau bikin website? Kunjungi link berikut!

Banner IDwebhost

Kamis, 28 April 2022

Contoh KHUTBAH ‘IDUL FITHRI Dikaluarkeun ku : Seksi Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kota Banjar TAHUN 2022 M/1443 H.


Contoh KHUTBAH ‘IDUL FITHRI Dikaluarkeun ku : Seksi Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kota Banjar TAHUN 2022 M/1443 H.

SILIH HAMPURA JEUNG SASAMA CIRI JALMA NU TAQWA

 

الله اَكْبَرُ ( x ٩ ) لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَرُ اَللهُ اَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْدُ. اَللهُ اَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلّهِ كَثِيْرًا, وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَاَصِيْلاً. اَلْحَمْدُ لِلّهِ الَّذِىْ جَعَلَ هَذَ الْيَوْمَ عِيْدًالِّلْمُؤْمِنِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ. وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الصَّادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَلّلهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْدُ: فَيَا عِباَدَاللهِ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَا تَّقُوْاالله لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. اِنَّمَا الْمؤْ مِنُوْنَ اِخْوَةٌ فَاَصْلِحُوْا بَيْنَ اَخَوَيْكُمْ وَاتَّقُوْاالله لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ.

 

ALLOHU AKBAR ALLOHU AKBAR WALILLAHILHAMDU

Hadirin Jama’ah ‘Idil Fithri Rohimakumulloh

Cunduk waktu nu di tunggu-tunggu, sapagodos waktos anu diantos-antos, pasini wanci anu dianti-anti, kabingah anu bungangah, sarta kagenah manah tiba nepangan urang sadayana nyaeta “Idul Fithri”. Margi salami sasasih ramadhan, urang mancuhkeun kuda-kuda taqwa, nguatken jurus kaimanan, nampanan panarajang serangan syetan, ngabendung panundung hawa napsu, ngepeskeun kalayan nyingcetkeun kamaksiatan, Alhamdulillah tiasa diatasi urang aya dina kamenangan, saum romadhan cumpon, shalat fardu, shalat sunat teu kaliwat, tadarusan qur’an satamatan, zakat fitrah kabayar punah.

 

Saum ramadhan mangrupiken ujian fisik sareng mental, keur ngukur barometer ka-imanan urang, kangge ngabentenkeun mana inten mana berlian, mana perak mana emas, mana nu orisinil mana nu imitasi, mana nu taat mana nu maksiat. Sadayana kasatmata tiasa ka uninga ka tembong kubalarea nilai individu tiap jalmmi terutami ku dirina masing-masing.

 

ALLOHU AKBAR ALLOHU AKBAR WALILLAHILHAMDU

Mangga gera emutan nostalgia saum urang sadayana, geuning ngosongkeun beuteung teh lapar, dahaga, leuleus, lungse teu aya tangan pangawasa, cacakan urang mah ngan sakadar ngeserkeun kabiasaan, anu kawit neda enjing-enjing dieserkeun jadi janari, neda sonten dieserken janten magrib. Deudeuh teuing dulur urang anu miskin anu fakir anu yatim, anu sadidintenna nahan; lapar, tuang sore isuk henteu, isuk ngabubur sore nganggur, ngesian patuangan sakaparan-paran kumaha mendakna bae, anggean belel pinuh ku tatambalan, kulem dimana bae dugna da tegaduh padumukan, mamah dikolong jembatan ngangge amparan koran.

 

Hadirin Jama’ah ‘Idil Fithri Rohimakumulloh

Hayu urang lenyepan dawuh Alloh saha nu bakal dipaparin kabungah nalika ku Alloh diuji?

وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْئٍ مِّنَ الْخَوْفِ وَالْجُوْعِ وَنَقْصِ مِّنَ الْأَمْوَالِ وَالْأَنْفُسِ وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِالصَّابِرِيْنَ

Hartosna: “Jeung yaqin kami bakal nguji ka aranjeun ku perkara tina jenis kasieun, kalaparan, kakurangan harta, palastrana jiwa kurangna bubuahan, jeung Alloh bakal ngabubungah ka jalmi-jalmi nu sabar. (al-Baqoroh: 155)

 

Hadirin Jama’ah ‘Idil Fithri Rohimakumulloh

Aya opat hal nu ku urang sadaya kedah diperhatoskeun dina raraga ‘Idul Fitri ieu nyaeta :

 

1.  Salah sawios ulama nyaurkeun kieu ;

لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ لَبِسَى الْجَدِيْدِ وَلاَ لِمَنْ اَكَلَ الْقَدِيْدَ وَلَكِنَّ الْعِيْدَ لِمَنْ طَا عَتُهُ تَزِيْدُ وَخَافَ الْوَعِيْدَ

“Lebaran eta lain ku pakean weuteuh, lain ku loba dahareun, tapi sabener-benerna lebaran “Anu ibadahna, amal baktina tambah jeung tambah sieun ku Alloh Swt.”

 

Lamun hate urang tos beresih tina sifat-sifat kagorengan, maka pakean naon wae oge anu dipake pantes ;

اِذَاالْمَرْءُ لَمْ يَدْ نَسْ مِنَ اْللُؤْمِ عِرْضُهُ فَكُلُّ رِدَاءٍ يَرْتَدِيْهِ جَمِيْلُ

“Lamun jalma geus beresih jiwana tina sifat-sifat kagorengan, maka pakean kumaha wae oge anu dipake pantes”.

 

2.  Dina poe lebaran ieu disunatkeun Tahniah “Ucapan selamat ka sasama Muslim” dumasar kana hadis Nabi Saw. :

اِنَّ اَصْحَابَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ كَانُوْا اِذااْلتَقَى بَعْضُهُمْ بِبَعْضٍ يَوْمَ الْعِيْدِ قَالُوْا تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ

“Saenyana para sahabat Rosululloh Saw. Parantos nyata dimana sabagean aranjeuna tepang sareng anu sejena dina poe lebaran, aranjeuna ngucapkeun ”Taqobalallohu minnaa waminkum.” Muga-muga Alloh nampi kana (Ibadah) urang sadaya sareng (Ibadah) aranjeun”.

 

3.  Silih jabat tangan, mushopahah/sasalaman tina sagala kasalahan, ieu hiji bukti raketna duduluran antara muslim jeung muslim. Rosululloh Saw. Ngadawuh :

مَا مِنْ مُسْلِمَيْنِ يَلْتَقِيَانِ فَيَتَصَافَحَانِ اِلاَّ غُفِرَلَهُمَاقَبْلَ اَنْ يّتَفَرَّقَا

Hartosna: “Dua jalma muslim anu panggih bari sasalaman, baris dihampura dosana samemeh duanana papisah deui”.

تَصَافَحُوْا يَذهَبُ الْغِلُّ فِى قُلُوْبِكُمْ

“Aranjeun kudu daraek sasalaman, niscaya sagala dengki, dendam bakal leungit tina hate aranjeun”.

 

Dosa dua jalma baris dihampura, kalayan make syarat nyaeta sasalamanana jeung hatena oge milu sasalaman, hatena ikhlas ngalubarkeun dosa jeung kasalahanana, tapi sabalikna sasalamanana ngan formalitas wungkul, maka Alloh nurunkeun kabenduna ka eta anu sasalaman samemeh lesot lengeuna.

 

4.  Ngaraih La’allakum Tattakuun (al-Baqoroh:185) indikatorna/instrumen/peralatanana diantarana nyaeta:

 

1.    Sahur asal tina sahara artina tengah peuting nepi ka subuh (intina hudang peuting/qiyamullail)

2.    Al-Imsak (nahan diri tina sagala nu ngabatalkeun puasa lahir jeung batin)

3.    Tarawih

4.    Tadarus Al-Qur’an

5.    Zakat Fitrah

 

Tah ieu teh kedah terus berlangsung ulah eureun atawa pere saparantos Ramadhan, sahingga urang bakal di golongkeun atawa asup kana jalma anu idul Fitri ( balik kana kasucian jiwa, sabab asalna urang suci balik ge kudu suci deui ). Mudah-mudahan urang sadaya ka lebet jalma nu ’Idul Fitri.

 

Pamungkas ti simkuring pribadi/kulawarga oge sacara kadinasan ngahaturkeun wilujeung boboran syiam hapunten tina samudaya kakirangan sareng kalepatanana.

 

جَعَلَنَا اللهُ وَإِياَّكُمْ مِنَ العاَئِدِيْنَ وَالفَآئِزِيْنَ وَأَدْخَلَنَا وَاِيَّاكُمْ فِيْ زُمْرَةِ عِباَدِهِ الْمُتَّقِيْنَ.  بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ

 

= KHUTBAH KADUA =

 

اَللهُ اَكْبَرُ ( x ۷ ) اَللهُ اَكْبَرُ كَبِيْرًا وَلْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا. وَسُبْحَنَااللهِ بُكْرَةً وَّاَصِيْلاً. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى جَعَلَ الْعِيْدَ اِحْتِرَامًا لِلصَّا ئِمِيْنَ, اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلٰهَ اِلَّااللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْقَوِيُّ الْمَتِيْنُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِالْاَمِيْنُ. اَلّٰلهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىٰ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ, وَعَلَى اٰلِه وَاَصْحَابِه اَجْمَعِيْنَ. اَمَّابَعْدُ: فَياَ اَيُّهَاالنَّاسُ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّاىَ بِتَقْوَى اللهِ فَاتَّقُوْاالله لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَلّٰلهُمَّ اَمِيْنَ يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ, اَلّٰلهُمَّ غْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا, وَذُنُوْبَ اَبَاءِنَا, وَذُنُوْبَ اُمَّهَاتِنَا, وَذُنُوْبَ زَوْجَاتِنَا, وَذُنُوْبَ اَوْلاَدِنَا, وَذُنُوْبَ اِخْوَانِنَا, وَذُنُوْبَ اَخْوَاتِنَا, وَذُنُوْبَ اُسْتَاذِنَا, وَذُنُوْبَ جَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ, اْلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ. اَلّٰلهُمَّ سَلِّمْنَا مِنْ اٰفَاتِ الدُنْيَا وَعَذَابِ اْلاٰخِرَةِ وَفِتْنَتِهِمَا وَبِلَيَا تِهِمَا اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْئٍ قَدِيْرٌ . اَلّٰلهُمَّ انْصُرْ اُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَلّٰلهُمَّ اصْلِحْ اُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَلّٰلهُمَّ ارْحَمْ اُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَلّٰلهُمَّ انْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ. وَخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ وَاجْعَلْ بَلْدَتَنَا اِنْدَوْنِسِيَا هٰذِه بَلْدَةً طَيِّبَةً تَجْرِىْ فِيْهَا اَحْكَا مُكَ وَسُنَّةُ رَسُوْلِكَ. يَاحَيُّ يَاقَيُّوْمُ يَااِلٰهِنَا وَاِلٰهَ كُلِّ شَيْئٍ هٰذَا حَالُنَا لاَيَخْفٰى عَلَيْكَ. اَلّٰلهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلاَءَ وَالْبَلاَءَ وَالْفَخْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ وَالْمُخْتَلِفَةَ وَالسَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ مَظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ, وَمِنْ كُلِّ الْأَمْرَاضِ خُصُوْصًا مِنَ الْمرَضِ الْكَوْرَنَا, مِنْ بُلَدِنَا هٰذَا خَآصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَآمَّةً اِنَّكَ عَلٰى كُلِّ شَيْئً قَدِيْرٌ .رَبَّناَ اٰتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلاٰخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ وَالْمَقْبُوْلِيْنَ, تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صِيَا مَنَا وَصِيَامَكُمْ. سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ وَسَلاَمٌ عَلَى الْمُرْسَلِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.

عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ، وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْي، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ، عِيْدٌ سَعِيْدٌ وَكُلُّ عَامٍ وَأَنْتُمْ بِخَيْرٍ

 

Disusun ku: Drs. H. Dadang Solihin, M.M

                                                                                                                                 Kasi Bimas Islam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Salamat Datang Di website saya - Sudahkah kita berbuat baik hari ini? - Terima kasih telah berkunjung ke website qodirsmart, like, follow dan subscribe please!